WASTA: NANDANG GUNTARA
KELAS: XII TKJ 4
1.
Tanah
Sunda
Tanah Sunda ( wibawa )
Gemah ripah (tur endah )
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda ( sawawa )
Sing Towéksa (perceka )
Nyangga dharma anu nyata
Ref :Seuweu Padjadjaran
Muga tong kasmaran
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya
Memang sawajibna
Getén titén rumawat
Tanah pusaka
Tanah Sunda ( wibawa )
Gemah ripah (tur endah )
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda ( sawawa )
Sing Towéksa (perceka )
Nyangga dharma anu nyata
Ref :Seuweu Padjadjaran
Muga tong kasmaran
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya
Memang sawajibna
Getén titén rumawat
Tanah pusaka
2. Hariring Nu Kungsi Nyanding
Purnama nu kungsi leungit
ayeuna nganjang ka buruan deui
anu kungsi kapiati
kiwari urang ditepangkeun deui.
Hariring nu kungsi nyanding
ayeuna datang ngahaleuang deui
hayu pataréma tineung
cacapkeun meungpeung aya kasempetan
Ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas
narawangan haté bangbras
Ayeuna mangsa nu éndah
hayu urang suka bungah
caang bulan opat belas
narawangan ati bangblas.
3.
Imut Malati
Imut malati
wengi tadi geuningan patepang deui
nu kapiati ti kapungkur
jungjunan dianti-anti
Ti Gunung Putri
sareng saha salira lungsur ka landeuh
lagu kamari ngagalindeng
lalakon gending kadeudeuh
Najan sakedap jorélat tunjung balébat
éstu mo hilap karaos matak tibelat
ku henteu terang mulihnaku henteu terang mulihna
eeh, naha iraha.
Najan mung imut saulas sakilat ilang
tansah kairut hanjakal teu sering tepang
ku henteu terang léosnaku henteu terang léosna
eeh, geuning kamana.
4.
Kembang
Impian
Antara lolongkrang kiceup
urang pateuteup
bulan pias enteupna lalangsé kayas
kaca jandéla nu muka
kaca katresna nu muka
peuting téh teuing ku jempling
asih téh teuing ku wening
Pangharepan lir laut nu jero
teu katepi ku sora panggero
urang teuleuman ku geter deudeuh duaan
urang tataran ku karep jeung pangharepan.
Tong teuing ngedalkeun lisan
urang guneman
na ciptaan bagja deukeut patémbongan
geter ti ati ka ati
hiber jadina pasini
saranggeuy kembang impian
sungkemeun kana lamunan.
5.
Kembang
Tanjung Panineungan
Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
di pakarangan nu reumis kénéh
harita keur kakandungan ku hidep
geus opat taun katukang
ema nyipta mulung béntang
nu marurag peuting tadi
béntang seungit ditiiran pangangguran.
Anaking jimat awaking
basa ema mulung tanjung rebun-rebun
beut henteu sangka aya nu datang
ti gunung rék ngabéjakeun bapa hidep
nu opat poé teu mulang
ngepung gunung pager bitis
cenah tiwas peuting tadi
layonna keur ka dieukeun, dipulangkeun.
Harita waktu layonna geus datang
ema ceurik ieuh, balilihan
ras ka hidep ieuh na kandungan
utun inji budak yatim deudeuh teuing
harita waktu layon geus digotong
ema inget ieu kana tanjung
dikalungkeun napasaran
kembang asih panganggeusan ieuh, ti duaan
Anaking jimat awaking
lamun ema mulung tanjung reujeung hideup
kasuat-suat nya pipikiran
tapina kedalna téh ku hariring
hariring éling ku éling kana tanjung
nu dipulung éh, kembang tanjung
nu nyeungitan pakarangan
nu nyeungitan haté urang, panineungan
6. Longkéwang
[Baheula mun
pareng nganjang
suguhna imut nyi lanjang
asih nu nganteur harepan
pasini na kasadrahan.] x 2
Mmmh, deudeuh teuingna peuting héab naraka
aya nyawa milar raga
bébéné mulang ti heula
bébéné mulang ti heula.
Mmmh, deudeuh teuing
na peuting hujan cimata
aya waruga palastra
jajaka raheut haténa
jajaka raheut haténa.
[Ayeuna mun pareng nganjang
nu témbong ukur kalangkang
mega mendung na jajantung
lagu liwung na bangbarung.] x 2
.. lagu liwung na bangbarung.
suguhna imut nyi lanjang
asih nu nganteur harepan
pasini na kasadrahan.] x 2
Mmmh, deudeuh teuingna peuting héab naraka
aya nyawa milar raga
bébéné mulang ti heula
bébéné mulang ti heula.
Mmmh, deudeuh teuing
na peuting hujan cimata
aya waruga palastra
jajaka raheut haténa
jajaka raheut haténa.
[Ayeuna mun pareng nganjang
nu témbong ukur kalangkang
mega mendung na jajantung
lagu liwung na bangbarung.] x 2
.. lagu liwung na bangbarung.
7.
Malati
di Gunung Guntur
Malati di Gunung Guntur
seungitna sungkeman ati
bodas sésétraning asa
jadina tina mumunggang leuweung larangan.
Malati di Gunung Guntur
hanjakal henteu dipetik
béja geus aya nu boga
ngahaja melak di dinya tara guriang.
Ayeuna kurang geus jauh
malati sosoca gunung
boa geus aya nu metik duka kusaha.
Kamari jol aya beja
malati ratna mumunggang
majar can aya nu metik duka kunaon.
Malati di Gunung Guntur
ligar dina panineungan, na panineungan
na saha nu baris metik
kuring mah da puguh jauh
biheung kadongkang.
8.
Purnama
Urang Nu Boga
Hibar deui purnama, hibar na ati
nyanding kembang malati nu kapiati
aya asih sumérén dina lahunan
aya deudeuh gumulung jero tangtungan
urang teang, enung,
poé isuk bulan sumedang wangi
urang seuseut, enung,
asih suci ari sumujud sari pangaji
Gelar deui lalakon, gelar ayeuna
nyampak lagu wirahma deudeuh kameumeut
taman éndah dicipta tempat ngabungbang
tepung teuteup duaan bunder kageugeut
langit béngbras, euis, bulan pinuh ngagenyas sutra kadéwan
angin lamping, eulis, ngelus laun ari haréwos béja kiriman
Hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan, geuning
hayu enung patémbongan paheut jangji panganténan
purnama urang nu boga
ari purnama urang nu nampa.
9.
Sagagang
Kembang Ros
Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.
Runtuyan haréwos jangji pasini katampi
moal weléh mikahéman, ieuh asih nu wening.
Sarining kembang jatining asih
jadi angkeuhan, duh urang duaan.
Ngaca pangharepan panteng kayakinanna dasaring ati urang duaan.
Sagagang kembang ros tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan, ieung asih nu wening.
10.
Salam
Manis
Ieu salam manis
manis salam kuring
nya ieu pisan nu salawasna nyanding
nyaring ngahariring
Ieu salam manis
manis salam kuring
nya ieu pisan nu salilana nganteng
anteng kapitineung
Datangkeun kuring deukeutkeun
deukeutkeun kuring raketkeun
duh, dunungan
datangkeun kuring deukeutkeun
deukeutkeun kuring raketkeun
11.
Salempay
Sutra
Salempay sutra disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan, duh..ti jungjunan.
Salempay sutra disulam mangrupa kembang
tawis asih ti kakasih, duh..ti kakasih.
Ngaraketkeun hubungan batin duaan
mupus waswas jeung cangcaya
di juruna disulam ngaran singgetan
ngaran kuring jeung manéhna.
Salempay sutra disulam jeung dikarawang
tawis soca ti jungjunan, duh..ti jungjunan.
Hiji tawis soca duh salempay sutra
jadi jimat pangreugreug ati disulam narawang duh salempay sutra geuning nyidem harepan.
Salempay sutra disulam mangrupa kembang
tawis asih ti kakasih, duh..ti kakasih.
12.
Samoja
Kedalna asih na bulan pinuh mamanis
hiji jangji pasini na rasmining wanci
mangsa samoja jongjon kembangan
duh eulis, langit lénglangangin rintih dina ati, aduh.
Lalakon lawas na bulan pinuh katineung
aya jangji pasini nu henteu ngajadi
mangsa samoja geus ngarangrangan
duh ieung, langit angkeub
samagaha dina haté, duh.
Ayeuna kantun waasna, jungjunan
lalakon ka tukang ditéang ngan ku ciptaan
kamari nu pamit, kamari nu pamit
datang deui na kalangkang.
Ayeuna tinggal ngangresna, jungjunan
lalakon nu pegat disambung ngan ku ciptaan
kamari nu leungit, kamari nu leungitrék lebeng mo deui datang.
Sariak layung di gunung
iber pasini patepung lawung
teuteup jauh ngawangwang nu dipigandrung
eeh, ngawangwang nu dipigandrung, aduh
Haréndong meuhpeuy harideung
jalan satapak rarambu leuweung
kumalangpang ronghéap nu kapitineun
geeh, ronghéap nu kapitineung, duuh
Surya surup layung hibar
ka tanjakan sawangan diumbar
geus ngolébat, ieuh, samar-samar
hariring asihna kapireung ngalalar
Angin tiis ti mumunggang
katitipan haréwos kamelang
tawis deudeuh, ieuh, nu maranti
sungkeman kahéman saranggeuy malati.
14.
Wengi
Énjing Tepang Deui
Disimbutan ku halimun
diaping ku indung peutinglalaunan ngalayangna
sukma ninggalkeun jasmani
emh, aduh, sukma ninggalkeun jasmani
ngalayang ka awang-awang
rét nepangan ka nu tebih
nepungan ka urang gunung
malati di pinggir pasir
kakara pisan ligar
nakapendakna tacan lami
katuruban dangdaunan
kahempi ka nagara sari.
Kembang diburu dirungrum
sawengi henteu kapanggih
patapan henteu kalanglang
raraosan mah sawarsih
emh, aduh, raraosan mah sawarsih
hawar-hawar sora hayam
ciri parantos janari
nu nyumput téh humarurung
teungteuingeun milik diriharianeun teuing kadar
misahkeun anu keur asih
kembang nganggo dihalangan
ditundung ku indung peuting.
Gunung geus aya di pungkur
indit haté mah murilit
duh, indit haté mah murilit.
Miang gé da sumoréang
Parangtritis kapiati
aduh enung pileuleuyan
wengi énjing tepang deui,
duh, aduh, wengi énjing tepang deui.
15. Panon Hideung
Panon hideung
Pipi koneng
Irung mancung
Putri Bandung
Putri saha
Di mana bumina
Abdi reseup.....Ka anjeunna
Siang wengi
Kaimpi-impi
Hate Abdi
Sara redih
Teu emut dahar
Teu emut nginum
Emut ka nu geulis ......Panon Hideung
Panon hideung
Pipi koneng
Irung mancung
Putri Bandung
Putri saha
Di mana bumina
Abdi reseup.....Ka anjeunna
Siang wengi
Kaimpi-impi
Hate Abdi
Sara redih
Teu emut dahar
Teu emut nginum
Emut ka nu geulis ......Panon Hideung
16.
Indung
Nu Ngawih: Wina
Duh indung duh indung
Naha anjeun téh dimana
Abdi keueung duh indung
Na kunaon anjeun téh ngantunkeun abdi
Milari nu janten indung
Lamina mangtaun-taun
Saupami aya kénéh
Na di mana atuh ayeuna
reff
Kalér kidul tos dijugjug
Ngulon wetan didatangan
Tapi anu jadi indung
Teu aya laratananan
Ya Allah maha uninga
Na di mana indung abdi
Gusti Nu Maha Suci
Mugi pitulung ka abdi
Duh indung duh indung
17.
Budak
Saha
Dipikir siang jeung wengi
Hirup téh naha nyorangan
Dirasa-rasa da puguh aya nu boga
Ema bapa anjeun di mana
Teu sangka ku nasib diri
Hirup téh pahatu lalis
Lami gedé cicing di yayasan
Ema bapa anjeun di mana
Duh Gusti ari abdi budak saha
Teu puguh laratanana
Batin ceurik balilihan
Ari abdi budak saha
Ieu haté terus tumanya
Na di mana anu ngandung
Na di mana nu ngayuga
Ari abdi budak saha
Ieu haté terus tumanya
Na di mana ari indung
Na dimana ari bapa
Dipikir siang jeung wengi
Hirup téh naha nyorangan
Dirasa-rasa da puguh aya nu boga
Ema bapa anjeun di mana
Teu sangka ku nasib diri
Hirup téh pahatu lalis
Lami gedé cicing di yayasan
Ema bapa anjeun di mana
Duh Gusti ari abdi budak saha
Teu puguh laratanana
Batin ceurik balilihan
Ari abdi budak saha
Ieu haté terus tumanya
Na di mana anu ngandung
Na di mana nu ngayuga
Ari abdi budak saha
Ieu haté terus tumanya
Na di mana ari indung
Na dimana ari bapa
18.
Anak
Jalanan
nu ngawih: Kustian
Ceuk batur mah kuring téh budak jalanan
Gawé ukur ngamén dina kendaraan
Sabenerna haté ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal di rupa
Jeung deui duka di mana
Mun panas kapanasan
Mun hujan kahujanan
Mun reup peuting ngadon saré di émperan
Pakukuh hirup di jalan
Henteu boga patempatan
Pikeun pangbalikan
Ti mana ti mana atuh ti mana
Diri kuring ti mana atuh asalna
Kumaha atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Allah paparin abdi pituduh
Na di mana kolot abdi téh ayana
19. Maghrib
Tah sora bedug batur tanda geus maghrib
Geus nitah reureuh ulin Ttrus ka masjid
Beulah kulon hibar layung
ngajak muji ka Yang Agung
20.
Bubuy
Bulan
Bubuy bulan bubuy bulan sangray bentang
Panon poe panon poe di sasate
Unggal bulan unggal bulan abdi teang
Unggal poe unggal poe oge hade
·
bubuy
bulan sangrai bintang
·
matahari
matahari disate
·
setiap
bulan setiap bulan saya jemput
·
setiap
hari setiap hari juga baik
Situ
Ciburuy laukna hese dipancing
Nyeredet
hate ningali Ngeplak caina
Duh
eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet
hate ningali sorot socana
·
situ
ciburuy ikannya susah dipancing
·
menggetarkan
hati melihat luas airnya
·
duh itu
siapa yang lewat tiap pagi
·
menggetarkan
hati melihat sorot matanya
21. Peuyeum Bandung
Dimana
mana di kampung di kota
Tos
kakoncara ku nikmat rasana
Sampeu
asalna teu direka-reka
Naon
namina duh matak kabita
·
dimana-mana
di kampung dan di kota
·
sudah
terkenal oleh nikmat rasanya
·
sampeu
asalna teu direka-reka
·
apa
namanya duh membuat tergoda
Peuyeum
bandung kamashur
Pangaosna
teu luhur
Ku
sadaya kagaleuh
Sepuh
jeung murangkalih
·
peuyeum
bandung terkenal
·
harganya
tidak tinggi
·
oleh semua
terjangkau
·
orang tua
dan anak-anak
Mangga
cobian bilih panasaran Peuyeum ti bandung henteu sambarangan
·
silakan
dicoba jikalau penasaran
·
peuyeum
dari bandung tidak sembarangan
22. Manuk Dadali
Mesat
ngapung luhur jauh di awang awang
Meberkeun
janjangna bangun taya karingrang
Kukuna
ranggaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak
mega bari hiberna tarik nyuruwuk
·
terbang
tinggi di angkasa
·
mengepakan
sayapnya tanpa rasa takut
·
kukunya
ranggaos dan pamatuknya ngeluk
·
mengintari
mega terbangnya sangat cepat
Saha
anu bisa nyusul kana tandangna
Gadang
jeung partentang taya bandingan nana
Dipikagimir
dipikaserab ku sasama
Taya
karempan ka sieun leber wawanenna
·
Siapa yang
bisa menyusul terhadap keberadaanya
·
Keberadaannya
tiada bandingannya
·
Ditakuti
disegani oleh sesama
·
tidak ada
ketakutan keberaniannya sangat besar
Manuk
dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Perlambang sakti Indonesia jaya
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
·
Manuk
dadali burung paling kuat
·
lambang
sakti Indonesia jaya
·
Manuk
dadali paling terkenal
·
Suka
persatuan dan kerukunan untuk semuanya
Hirup
sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali gadung siloka sinatria
Keur sukmana bangsa di nagara Indonesia
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali gadung siloka sinatria
Keur sukmana bangsa di nagara Indonesia
·
Hidup
bersama tidak ada rasa iri
·
saling
menyayangi tidak takut mati
·
manuk
dadali lambang ksatria
·
untuk sukmanya
bangsa di negara Indonesia
23. LENGITEN
kamana panutan abdi
nu sok biasa sumping
kamana panutan rasa
nu sok leukeun ngariksa
tara-tara tisasari
abdi ngaraos sedih
teu aya keur pangumaha
keur batur suka-suka
iyeuh abdi leungiteun
mondok ge tara tibra
iyeuh abdi leungiten
neda tara mirasa
kamana panutan abdi
nu sok biasa sumping
kamana panutan rasa
nu sok leukeun ngariksa
iyeuh abdi leungiteun
mondok ge tara tibra
iyeuh abdi leungiten
neda tara mirasa
kamana panutan abdi
nu sok biasa sumping
kamana panutan rasa
nu sok leukeun ngariksa
24.
KASMARAN
upami ningali kembang
kacipta manehna ngalangkang
kapiraray pameuteu nu asri nu
anggunmanis
kapiatigeus titip nadiri jiwa
romantis
upami ningali bulan
kagambar manehna nembongan
linuh rasa imutna sorana ngagupayheman
ngagalineng bungkusan hariring
tembah kasmara
kamana-mana urang
bareng(urangbareng)
kamana-maa urang nyalindung(urang
nyalindung)
satujuan sahate sa ikhwan saka
tineung saka melang
salira mah ngundangan harepan natar
asih anu manjang
upami laksana tepung
mamanis sumanding gumulung
putih asihan nu wening gumeling
sajalan leumpang
mapaesan carita balaka cinta nu
urang
25.
EMUT
BAE
lain ti baheula atuh kang urang teh
pateupang
ieu hate abdi atuh kang emut bae ka
eungkang
teu benang dipapalerkeun,teu benang
di bebenjokeun
lain ti baheula atuh kang urang teh
patepang
ieu hate abdi atuh kang,emut wae
kaeungka
tebeunang dipapalerkeun,tue benang
ibebenjokeun
Reff:
dipapareng sugan jaga
endah mun laksana
wangi asih nu duaan
imut bagia tineung rasa
dipapareng sugan jaga
endah mun laksana
wangi asih nu duaan
imut bagja tineung rasa
aduh engkang
emut bae ka eungkang
aduh engkang baabdi kabiluyuingan
26.
BONGAN
ENGKANG
mun ngalangkung anjeuna tos alim
deui
abong kena lekasan paturay tineung
mun ngalamun anjeuna tos alim deui
pura-pura ngalieus miceun paneuteup
bongan eungkang ka abdi janji satia
bongan eungkang ka abdi
mungkacarita
bongan eungkang ka abdi
geuningsulaya
bibilasa ka abdi tega ngantunkeun
na kunaon kapungkur kedah patepang
kanggo naon upami kedah pa anggang
27.
BANGBUNG
RANGGAEK
pajar maneh naek kareta cikajang
dimuatan mah disisi jambatan
pajar maneh deuh teu ngewa-ngewa
acan
tos narosan mah hate seseblakan
bangbung ranggaek tadi embung
ayeuna daek
bangbung ranggaek tadi embung ayena
daek
cau kepok duh kintuinan ti baros
ti barosna mah tos dikaranjangan
pa amprokmah leuh teu hawatos
teunaros
tosnarosnamah geuing sering
dianjangan
pajar maneh deuh heunteu alim
patepang
nu kasepnamah geuning sering
ngalanglangan
28.
PEUNYEUM
BANDUNG
Dimana-mana,di kampung di kota
Tos kakoncara,ku nikmat rasana
Sampeu asalna teu di reka-reka
Naon namina ku matak kabita
Reff:
peuyeum bandung ka mashur
pangaosna teu luhur
ku sadaya ka galeuh
seupuh jeung murang kalih
mangga cobian,bilih panasaran
peuyeum ti bandung,heunteu
sambarangan
29.
NENG
GEULIS
Neng geulis pujaan eungkang
Neng geulis akang hoyong tepang
Upami teu aya pamengan
Langkung sae urang keunalan
Neng geulis pujaan eungkang
neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan
eta saha anu acuk bodas
eta saha snu acuk kayas
pipi koneng irung mancung
putri Bandung
Neng geulis pujaan eungkang
neng geulis akang hoyong teupang
upami teuaya pamengan
sasih paun yu urang tunangan
30.
PANON
HIDEUNG
Panon hideung, irung mancung
Pipi koneng, putri bandung
Putri saha, di mana bumina
Abdi resep, ka anjeunna
Siang wengi, a impi-impi
Hate abdi, sara redih
Teu emut dahar, teu emut nginum
Emut kanu geulis, panon hideung
31.
HARIRING
KURING
teungah peuting
keur jemplang jempling
kuring nyaring
teu geunah cicing
hate melang sumoreang
buah ati lawas teu patepang
cuang ciung
kuring sorangan
nunggelis di pangumbara
lieuk deungeun lieuk lain
taya pisan geusan pamuntangan
rek sasambat kasahanya-nyambat
suwung dulur walurat sobat
sangsang badan nya nitipkeun diri
iwal ka gusti yang widi
hiliwirkeun duh angin peuting
pang nepikeun hariring kuring
ka jungjunan nu ngantosan
kawih ati nu keur rungsing pusing
kawih ati nu keur rungsing pusing
32.
ES
LILIN
Es lilin mah didorong-dorong
dibantun mah dibantun ka Sukajadi
abdi isin ceuceu samar kaduga
sok sieun mah aduuh henteu ngajadi
Es lilin mah ceuceu buatan Bandung
dicandakna geuningan ka Cipaganti
abdi isin jungjunan duh bararingung
sok inggis mah aduuh henteu ngajadi
Itu saha dunungan nu nungtun
munding
digantelan geuning ku saputangan
itu saha dunungan ku ginding teuing
sing horeng mah aduh
geuningjungjunan
Es lilin mah ceuceu dikalapaan
raosna mah geuningan kabina-bina
abdi alim dunungan paduduaan
sok sieun mah dibantun kamana-mana
Kamana mah dunungan ngaitkeun
cingcin
ka kaler mah aduuh katojo bolat
kamana mah dunungan ngaitkeun pikir
sakieu mah aduuh panas hatena
33.
POTRET
MANEHNA
Potret manehna nu katampa
minggukamari
Dipiguaan disimpen di hade-hade
Hanteum diteuteup,jadi batur dina
simpe
Aduh endahna mapaesan taman hate
Potret manehna –potret manehna
Ditilik disidik-sidik
Diteuteup dibulan-balik
Kumanis bae
Potret manehna-potret manehna
Socana,imutna,teuteupna sagalana
Ngan keur kurig bae
Potret manehna wawakil jirim
manehna
Tanda satia malah kaemut salilahna
Mati hiji tina ati gambaran
kateupung
Potrek anu dikeukeuweuk
Potret manehna
34.
ANGIN
PEUTING
Seungit angin Priangan
Ngusapan embun-embunan
duhembun-embunan
Hawar-hawar reureundahan
ngahariring Ayun ambing, ayun ambing
Seungit angin kahyangan
Sumerep na lelembutan duh na
lelembutan
Hawar-hawar reureundahan
ngahariring
35.
ELING-ELING
MANGKA ELING
Dengkleung dengdek 2 x sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah wasiat tanah duriat
Anu matak tibelat nya rarasaan
Dengkleung dengdek 2x sisi lamping
Anu dewek enya anu kuring
Tanah katresna jati sarakan
Anu tetep marengan nya lelembutan
36.
ANGKREK
JAPATI
Angkrek japati na cangkring
Keur karembangan
Sisi wahangan barodas
Kareta api geus datang
Sinyal geus muka
Reg di setoplas Cibodas
Gupay gupay anaking
Gupay gupay digupaykeun ku manehna
Reumbay reumbay anaking
Reumbayna nginjeum cipanon ti
manehna
37.
SESAH HILAPNA
Asa-asa urang
the
Nembean tepang
Aya kereteg hate
Dugdug
surser-ser
Sesah hilapna
Gening bet sungkan
papisah
Duh….sesah
hilapna
Kantenan urang
the
Nembean tepang
Aya nu euntep
Gerents
kadeudeuh
Sesah hilapna
Nyanding asih
dina ati
Duh…..sungkan
patebih
Ayeuna urang
ngahiji
Geus jadi batur
sa ati
Gumulung siang
jeung wengi
Duh…bagja
nyanding asih
Teu kaop teu
tepang sa dinteun
Teu kawawa ku
rasa kangen
Teu beunang di
papalerkeun
Teu beunang di
bebenjokeun
38.
SORBAN PALID
(AKANG HAJI)
Akang haji
sorban palid,palidna ka cilamaya
Akang haji
sumangga calik,nyanggakeun mah sa aya-aya
Akang haji
sorban palid,palidna mah ka cikapundung
Akang haji
kunaon balik,ulah lila da lila pundung
Reff :
Kaso pondok,kaso
panjang
Kaso ngaroyom ka
jalan
Najan sono najan
heman
Teu sae ngobrol
di jalan
Kaso pondok,kaso
panjang
Kaso ngaroyom ka
jalan
Sono mondok,sono
nganjang
Sono patepang di
jalan
Akang haji
sorban palid,palidna ka cilkimiri
Akang haji
kunaon balik,ulah osok da nganyenyeri
Akang haji
sorban palid,palidna ka cilamaya
Akang haji
sumangga calik,nyanggakeun mah sa aya-aya
39.
SAPU NYERE PEGAT
SIMPAI
Ririungan urang
karumpul
Meungpeung
deukeut,hayu urang sosonoan
Pacangkrama hari
ngawadul
Urang silih
tempas silih aledan
Moal lila jeung
babaturan
Hiji wanci
anu,geus ditangtukeun
Bakal pisah
bakal pajauh
Bakal
mopohokeun,ka tineung urang
Sapu nyere pegat
simpai,bakal kasorang
Takdir gusti
hyang widi,pasti kalakon
Urang rek
papisah,urang rek pajauh
Meungpeung
deukut,hayu rang sosonoan
40.
SALAM KANGEN
Dina peuting nu
jempling
Hate anteb
mikangen
Kasalira nu
janteun kakasih
Buah ati
panyileukan
Siang jeung wengi
Dina lirih na
angina
Titip salam
kakasih
Salam kangen
Salam rasa
deudeuh
Mugi dugi ka
salira
Teu hilap ucap
wilujeung weungi
Kanggo salira
aduh panutan.......
Mugi gambaran
diri,sing ngajadi keumbangna
Numapaes endahna
Impenana salira
Mugi gambarna
diri,sing ngajadi tatanan
Numinuhan na ati
salira
Nungwujud
hareupan
Pikeun pateupang
41.
PIKEUN PATEPANG
Saha Anu Leupat
Saha nu leupatna
Mun diri
katalanjuran
Bongan diri
salira
Rek sarimbak
jeung manehna
Saha nu lepatna
Mun heureuy
kaleuleuwihi
Da bongan
teureuh salira
Bet sasorot
jeung birahi
Hanjakal tepang
teh kapandeurian
Dina wanci geus
reprepan
Ulah maksa kudu
di penta
Tangtu gede
mamalana
Badan nu leupat
Timangsa pa
duduan
Da hate perna
kagewang
Ku salira jeung
teuteupna
Pahlawan Bangsa
Teu honcewang
sumoreang
Tekadna pahlawan
bangsa
Candu mundur
pantano mulang
Mun maksud tacan
Lausana
Berjuang keur
leumah cai
Lali rabitur
tenggang pati
Taya basa menta
pamulang tarima
Iklas ridho keur
sorban merdeka
Sinatria dana
laga
Bela bangsa
jeung negara
Di barengan
tekad suci
Berjuang keur
lemah cai
Teu ngingetkeun
kadirina
Asal nagri
bangsa waluya
Bisa jembar
merdeka mukti wibawa
Jasa tujuan
pahlawan bangsa
Naon Lepatna
Naon
leupatna,naon dosana
Mun diri katarik
tresna simpati
Kabandang
kamelang
Naon lepatna,
naon dosana
Mun rasa rumasa
nyeunpatkeun tresna
Mika asih
kadirina
Kapan cinta
kedah anteb,jeung asih
Kapan asih
kedah,timtim sumandingna
Sedeng rasa
rumasana,mah jeun deudeuhna
Demi
kasatiaan,janteun pageuh pamandangan
Naon
tepatna,naon dosana
Neupikeun
tungkusan kalbu,mustika asmara
Naon
lepatna,naon dosana
Da niat ge
saenyana,mika asih ka dirina
42.
MOJANG PRIANGAN
Angkatna
ngagandeuang
Bangun taya
karingrang
Nganggo sinjang
dilamban
Mojang
priyangan.
Umat-imut lucu
Sura Seuri nyari
Lara-lirik
keupat
Mojang Priyangan
Diraksukan
kabaya
Nambihan
Cahayana
Dangdosan
sederhana
Mojang priyangan
Mojang anu donto
matak sono nu
nempo
Mun tepung sono
ka…
Mojang priyangan
( balik ke atas*)
Gareulis maranis
Disinjang
lalenjang
Estu surup nu nempo
Mojang
priyangan… mojang priyangan…
Mojang
priyangan…
43.
PILEULEUYAN
Hayu batur –hayu
batur
Urang kumpul
sararea
Hayu batur-hayu
batur
Urang sosonoan
heula
Pileuleuyan-pileuleuyan
sapu nyere pegat
simpay
pileuleuyan-pileuleuyan
paturay
pateupang deui
amit mundur-amit
mundur
amit ka jalma
nurea
amit mundur-amit
mundur
da kuring bade
ngumbara
Pileuleuyan-pileuleuyan
sapu nyere pegat
simpay
pileuleuyan-pileuleuyan
paturay
pateupang deui
44.
MAWAR BODAS
Mapay jalan
satapak
Ngajugjug ka
hiji lembur
Henteu karasa
capena
Sabab aya nu
diteang…
Hujan angin dor
dar gelap
Henteu aya keur
ngiuhan
Sanajan awak
rancucut
Teu paduli
kajeun teuing
Nu penting mah
asal nepi
Ka tempat anu di
tuju
Rek ngalongok
mawar bodas
Nu moal lila
kaala
Sugan tea moal
gagal
Kembang geus aya
nu boga
Balik teh asa
ngoleang
Lempang ge asa
ngalayang
Teu kasawang ti
anggalna
Teu kapikir
titadina
Lamun bakal
nyeri hate hoream teu sudi teuing
Mikiran
pipanyakiteun… mikiran pipanyakiteun
45.
ULAH CEURIK
Cag di dieu
Cag samet dieu
Lalakon cinta nu
urang
Tep anteupkeun
Tong diguar deui
Carita cinta nu
pegat
Najan kagandrung
sagulung
Najan duriat
sajagat
Kadeudeuh nu
nyangreud pageuh
Akhirna urang
papisah pisah,
Rek ka urang
mana
Geura milari
gentosna
Cik ka kidul
Cik ka kaler
Kulon Wetan moal
nyaram
Tos teu aya
kakaitan
Antara urang
dua'an
Lain anjeun lain
abdi
Urang geus lain
lainna
Reff.
Ulah ceurik
Tong di
ceungceurikan
Tarimakeun
janten randa
Abdi pasrah jadi
duda
Da kieu geuning
kuduna
Urang teu bisa
kumaha
Ulah ceurik
Tong di
ceungceurikan
Wayahna urang
papegat
Najan hate masih
beurat
Pileuleuyan-pileuleuyan
Hampura abdi
hampura
47.
NAHA SALAH
naha salah lamun
kuring boga rasa cinta salian ka anjeun
naha salah lamun
kuring boga rasa deudeuh salian ka anjeun
sapanjang anjeun
satia akang moal rek khianat,
cinta akang moal
unggut karinduan
sapanjang anjeun
satuhu akang moal rek midua,
cinta akang moal
kedal kaanginan
cinta akang mang
bulan anu nyaangan peuting, bakal aya salawasna
cinta akang
sangenge anu maturan poe, bakal aya salalawasna
ulah....melang
ulah....hariwang
naha salah lamun
kuring boga rasa cinta salian ka anjeun
naha salah lamun
kuring boga rasa cinta salian ka anjeun
sapanjang anjeun
satia akang moal rek khianat,
cinta akang moal
unggut karinduan
sapanjang anjeun
satuhu akang moal rek midua,
cinta akang moal
kedal kaanginan
cinta akang mang
bulan anu nyaangan peuting, bakal aya salawasna
cinta akang
sangenge anu maturan poe, bakal aya salalawasna
48.
CAK CAK
mun kuring ker
hayang nyumput
cak caK aya
didinya
mun kuring keur
hayang panggih
cak caK aya
didinya
mun kuring keur
narik sorong
cak caK aya
didinya
mun kuring keur
baed pundung
cak caK aya
didinya
seuri anteung
ngabayangkeun
nya
ngabayangkeun manehna,
seuri tibra
ngimpikeun,
nya ngimpikeun
manehna
Lamun cak cak
bisa nyarita
hariwang sieun
bebeja
lamun cak cak
bisa nyarita
sok sieun
sabalakana
ngadongeng
kuring kumaha
sanajan bari
jeung eunya
untung cak cak
teu bisa nyarita
muga-muga
salawasna (2x)
[tong siah tong
bisa ngomong ach,
bade kamarana
ari cak cak?]
49.
HAYANG KAWIN
Hayang Kawin win
win win Hayang kawin
Geus teu tahan
mang tauntaun bubujangan
Hayang Kawin win
win win Hayang kawin
Geus teu kuat
beurang peuting duh ngajablay
Era ku tatangga
eujeung babaturan
Loba nu nyeletuk
cenah kuring bujan galapuk
Isin ku pa RT
isin ku pa RW
Sering ngalelewe
cenah teu payu ka awewe
Hayang Kawin win
win win
Hayang kawin
euy..
Ema.. Bapa..
Cing pangneangkeun jodo
Kuring embung
boga titel jomblo
Ema.. Bapa..sok
pangmilihkeun calon
Asal ulah urut ucing
garong
Keun bae randa
ema..
Randa bengsrat
anyar pegat ema..
Komo parawan
ema..
So pasti paten
Masih disegel
masih disegel
gel.. gel..
gel.. gel..
50.
KADANG-KADANG
panggihna Kadang
kadang
bareungna Kadang
kadang
deukeutna Kadang
kadang
apelna oge Kadang
kadang
nya kadang2
nyaahna Kadang
kadang
deudeuhna Kadang
kadang
deukuetna Kadang
kadang
satiana ge
Kadang kadang
nya kadang2
Kadang kadang
[lieur ah]
Kadang kadang
kuring jadi bingung sorangan
boga kabogoh
model manehna
Kadang kadang
kuring jadi teu pararuguh
.....
Kadang kadang
hayang deukeut
Kadang kadang
ayang jauh
hayang kitu
hayang kieu
nya Kadang
kadang
manehna Kadang
kadang
kuring jadi milu
Kadang kadang
tungtungna
Kadang kadang
sok hayang putus
nya Kadang kadang
jadina putus da
Kadang kadang
geus ach putus
lieur ach cape!